cenah mah rasa teh ngawang ngawang
teu beunang dipapalerkeun
angger euntreup
dina raga nu baheula
paragi nitipkeun kadeudeuh
kadeudeuh nu kungsi meuweuh
paragi nyacapkeun kasono
najan nogencang
moal pundung mindeng suwung
gupay kadeudeuh angger manteng
sampeureun mangsa nu bakal kasorang
Tidak ada komentar:
Posting Komentar